Sisindiran - Rarakitan - Paparikan
Sisindiran
Sisindiran téh asalna tina kecap sindir. Istilah sindir
digunakeun ku M.A.Salmun (1963:19,23) pikeun salahsahiji golongan basa janget
(plastisita basa) hartina malibirkeun maksud, henteu togmol atawa poksang
ceplak Pahang. Sindir, kecap atawa omongan anu hartina henteu sacéréwélna.
Sisindiran nya eta kasenian ngareka basa anu diwangun ku cangkang jeung eusi
pikeun ngedalkeun maksud anu henteu saceplakna bari dipamrih karesmianana
(Salmun, 1958:51).
Sisindiran kaasup wangun sastra lisan Sunda nu kaitung lana.
Dina naskah Sanghyang Siksa Kandang Karesian, nu rengse ditulis dina taun 1518,
tina eta naskah kapanggih yen dina mangsa harita oge sisindiran teh geus hirup,
kaasupna kana kelompok kawih, kelompok seni sora lain kelompok sastra. Ku kituna,
dina Wibisana dkk (2000:431-493), sisindiran kaasup kelompok sastra lagu.
Sisindiran kaasup kana wangun sastra lisan, ku kituna gancang
pisan robahna ti waktu ka waktu teh, luyu jeung kahirupan masarakat Sunda nu
makena. Salian ti gelar wangun lisan, aya oge sisindiran nu ngahaja ditulis ku
urang Sunda, diantarana sisindiran karangan haji Hasan Mustapa.
Wangun
Sisindiran
Rarakitan
Rarakitan asal kecapna tina rakit. Ari rakit ngabogaan harti sabage
alat patalimarga di cai, biasana dijieun tina awi atawa kai. Puhuna ngahaja
sina papak, ngarah alus katempona. Ari tungtungna mah sok recol teu puguh. Nu
dimaksud rarakitan dina karya sastra oge hartina meh ngaharib-harib kana harti
rakit anu ilahar kapanggih di cai, nya eta mangrupa karangan ugeran anu padalisanana
papak di puhuna.
Dina Kamus Istilah Sastra, nurutkeun M.A. salmun (1963:61-62),
disebut rarakitan teh pedah awal dina padalisan-padalisan cangkang dipake deui
atawa dibaliken deui dina padalisan eusi, nepi ka siga masang ngarakit. R.
Satjadibrata (1954) netelakeun dumasar kana dipakena, rarakitan teh nya eta
sisindiran anu biasa dikawihkeun ku bodor reog.
Rarakitan, nya eta salah sahiji bangun sisindiran anu mentingkeun
papak atawa saruana kecap anu aya dina puhu jajaran cangkang jeung eusi.
Salianti eta, antara cangkang jeung eusi teu pada papak di puhuna (mindoan
kawit). Salianti eta, antara cangkang jeung eusi teh kudu sasora sarta
murwakanti engang panungtungan dina unggal padalisan (laraswekas). Jumlah
engangna dina unggal padalisan aya 8 (dalapan) engang. Jumlah padalisan dina
sapadana mangrupa bilangan jangkep; satengahna cangkang jeung satengahna eusi.
Kiwari anu populer teh rarakitan anu sapadana diwangun ku opat padalisan; dua
cangkang jeung dua deui eusi.
Disawang
tina eusina, rarakitan teh bisa dipasing-pasing deui jadi tilu golongan, nya
eta:
1.
Rarakitan anu sifatna silih asih.
Contona;
Sapanjang
jalan Soreang
Moal weleh
diaspalan
Sapanjang
tacan kasorang
Moal welwh
diakalan
2.
Rarakitan anu sifatna piwuruk.
Contona;
Sing getol
nginum jajamu
Nu guna
nguatkeun urat
Sing getol
neangan elmu
Nu guna
dunya aherat
3.
Rarakitan anu sifatna sesebred (guguyon).
Contona;
Majar maneh cengkeh koneng
Majar maneh cengkeh koneng
Kulit
peuteuy dina nyiru
Majar maneh
lengkeh koneng
Kulit
beuteung mani nambru
Paparikan
Paparikan asal kecapna tina parek, hartina deukeut. Nu dimaksud deukeut di dinya nya eta deukeut sora vokalna, utamana sora vocal dina engang panungtung. Sarua jeung rarakitan, disawang tina eusina paparikan oge bisa dipasing-pasing jadi tilu golongan, nya eta:
1.
Paparikan anu sifatna silih asih.
Contona;
Pucuk tiwu akar bangban
Pucuk tiwu akar bangban
Amis
mata di susukan
Mun rek
milu geuwat dangdan
Cimata
geura susutan
2.
Paparikan anu sifatna silih piwuruk.
Contona;
Ka kulah nyair kapiting
Ka kulah nyair kapiting
Ngocok
lobak bobodasna
Ulah
sok liar tipeuting
Osok
loba gogodana
3.
Paparikan anu sifatna sesebred (guguyon).
Contona;
Poe Saptu poe Kemis
Poe Saptu poe Kemis
Salasa
beuleut-beuleutan
Saha
itu muril kumis
Leumpangna
eundeuk-eundeukan
Sumber: ahyadarmawan.wordpress.com
Komentar
Posting Komentar